SULUK PANJI
ASMARANDANA
1.
Kasmaran ku suluk panji
nyarios ilmu utama
asal tina kitab kahot
Bahrul Kutub kasebutna
mulana da basa jawa
disundakeun ngarah lulus
runtut basa jeung dangdingna
2.
Upama hayang tingali
kana jatining Pangéran
sayaktosna kudu baé
nurut saré’at Muhammad
utusan maha mulya
nu kénging rahmat Yang
Agung
ti dunya rawuh ahérat
3.
Sarat kudu rosa muji
satemenna éta sar(é)at
jeung tarékat hiji kénéh
hakékatna henteu pisah
reujeung ngaran ma’rifat
opatanana geus kumpul
teu beunang dipisah-pisah
4.
Saré’at kudu kaharti
tepungan reujeung yang
sukma
saenyana tarékat téh
tepungna lisan jeung manah
anu ngaran hakékat
tepungna roh sareng kolbu
ari tegesna ma’rifat
5.
Tepungna roh jeung Yang Widi
poma-poma mangka terang
éntépkeun mangka parélé
jeung ku/dukeun heula
ihtiar méméh ilang
taroskeun ka nu geus
ampuh
waspada rasaning kitab
6.
saré’at caturkeun deui
luguhna bangsa carita
hal rukun Islam sakabéh
ngucap kalimah sahadat
reujeung ngadegkeun solat
jakat piterah sareng saum
munggah haji ka baétullah
7.
nu ngajenengkeun utami
geus tangtu dirina mulya
sareng ………saréat
téh
nu ………. malem nyépak
na sung alam manusa
kakeuna/an dahar inum
réa garwa jeung babanda
8.
Ilmu énal yakin
éstu kanyaho nu nyata
nya éta upamana téh
jalma beunta eukeur leumpang
leumpang sisi lautan
ningali sagara gunung
éta kitu upamana
9.
Lapadna Illabillahi
satemenna hanteu aya
nu ngawisésa ka déwék
anu ngadamel ngan Allah
éta sahna agama
disebut alam malakut
henteu napsu henteu
sahwat
10.
Ngan wungkul nyembah jeung
muji
ka Allah anu kawasa
mun aya anu meupeuh téh
teu watek males mahala
malah-malah sampingna
dibikeun pinangka buruh
muruhan nu meupeuh téa
11.
Hakékat mah hakul yakin
tegesna nyatanging nyata
nya éta upamana téh
jalma asup ka sagara
sarta mandi di dinya
tangtu baseuh sabab
ancrub
dalilna nyebut fa
anna
12.
Lahaola illa billahi
tangtuna hirup sorangan
sarta Allah hirupna téh
teu ngaharep ka suwarga
teu sieun ku naraka
disebut alam jabaruh
tegesna kersaning Allah
13.
nu kitu lamun digitik
sampingna dipaké ngupah
nyodorkeun canggégé
ngahormat ka nu mahala
éta lampah utama
bagja cilaka teu émut
cengeng madep ka Pangéran
14.
Ma’rifat a’malul yakin
teges sampurnaning nyata
nya éta upamana téh
jalma di jero sagara
kalem teu katingalan
malah caina diinum
geus kocap di jero kitab
15.
Cipta wujud Ilallahi
tegesna geus henteu aya
teu sarua jeung nu séjén
anging Allah anu aya
teu pisan owah cipta
mungguh dirina sakujur
pernahna nangis baé
16.
Mun diteunggeul mun
digitik
muruhan jeung teu ngarasa
kawas budak leutik baé
teu rasa dosa dinosa
teu ngurus tatakrama
dingaranan jalma laut
henteu kénging dicacampah
17.
Henteu aya nu ningali
salian Allah ta’ala
babari minangka hésé
babari mungguh di Allah
hésé mungguh di jalma
misaur jatining ilmu
upama henteu ihtiar
18.
Karana mungguhing hurip
sakabéh ti Nur Muhammad
Baétal Mukdas pernahna téh
nyaéta opat perkara
hideung konéng beureum
bodas
tuluy éta karep enur
ngaran tulis tanpa papan
19.
Barang nétés enur tadi
kapapat ngaran waruga
manjing curiga éta téh
beunang ogé / dingaranan
ngaran soca kumala
jeung disebut Bahrul Kutub
tegesna sagara samar
20.
Ayeuna caturkeun deui
waktu nyantél dina aras
di baétal mukdas geus
ngésér
maningkem éta ngarana
ti dinya tuluy pindah
disebut ka baétal ma’mur
enggon suwarga naraka
21.
Jeung ayana aras kuri
loh kalam uga di dinya
tuluy pindah deui enggon
kana halis duanana
nyaéta dingaranan
Baé/tal Ihram nu disebut
nu anom mangka arawas
SINOM
- ari pindahna ti dinya
kana bulu soca ngalih
dingaranan tali rasa
jeung sagara tanpa tepi
ség pindah kana biwir
nur cahya ngaran nu
mashur
jeung disebut nur jum’ah
pakumpulan rasa jati
tuluy pindah éta enur ka
raray
- dingaranan tangkal pisan
atawa purnama sidik
ku sarangéngé ka/surupan
ti dinya geus pindah deui
kana tempat sahiji
gedong kastuba disebut
nyataning rosul téa
ngarana opat perkawis
nu sahiji cai hanteu
disebutna
- cai asin kaduana
nu katilu cai pait
cai hanta kaopatna
pangawasa anu tadi
ti dinya pindah deui
kana urat nu disebut
nya urat beuheung téa
anu dingaranan wahid
satemenna wahid walloh nya tunggal
- sagara ranté ngaranna
nu matak tonggong ditulis
ari tutulisanana
La
illa ha illallah
éta teu aya deui
tina kawasaning enur
jeung puguh tutulisan
dina harigu pirbadi
éta anu dingaranan
dingding jalala
- éta nya Allah unina
kitu asalna pirbadi
eukeur waktu enur pindah
gingsir deui kana ati
nama Allah sajati
kocap deui éta enur
pindah ka ati puad
ngaran Muhamad haké/ki
lunta kana jinem rum éta pindahna
- dingaranan gedong samar
pindah tina jinem tadi
kana lalangsé pindahna
ucap tanpa sora dohir
pok lain sora lain
ség tuluy jumeneng tangtu
nongat tegesna pisan
dingaranan mah na alif
ari alif satemenna éta sifat
- geus teu pisah reujeung datna
sanggeus kitu enur tadi
seug tuluy sujud harita
ka Gusti nu/ Maha Suci
teu lami balik deui
enur tuluyna disebut
Sang Panji Murdaningrat
ti dinya geus pindah deui
ditutupan lintang sahud
disebutna
- kana puseur enggeus dongkap
di dinya geus nelah deui
disebutna lintang johar
tina puseur pindah deui
ka gedong nu sajati
disebut taqdiru Allah
papastén tingkah polah
pameget atawa isteri
laku lam/pah bagja sareng
cilakana
- Gedé ti manan sahadat
jawab ku manéh kagasik
nya éta nu ngaran Allah
leuwih gedé batan saksi
sabab sagala rupi
kudu jeung saksi Yang
Agung
éta saksi utama
sapuluh pinangka saksi
pasti kapir mun teu maké
karana Allah
- Réya ruksak ku baraya
mulya ku sanak pirbadi
éta masing pada awas
nu ngaran sanak pirbadi
cai bumi jeung langit
sarangéngé/ lintang jeung
syamsu
seuneu sareng jagatna
saeusining bumi langit
enya éta nu ngaran
jatining sanak
- Ari cék anu mamaca
nu ngaran sanak pirbadi
adi lanceuk jeung misanan
uwa paman jeung pernah
nini
malah tepi kana buyut
kitu nu ngaran sanak
tapi kersa Radén Panji
sakabéhna éta mah ngaranna bangsa
- Lain kitu ngaran sanak
malah éta matak pusing
megat darajat ahérat
jeung megat darajat dohir
dihadéan henteu hasil
kitu saur Murdaningrum
anggur cicing jeung to’at
anu ngaran pangabakti
henteu lian kajaba sembah
ka Allah
- Ulah salah dina manah
lain nyaram hadé dengki
reujeung sanak barayana
nyaéta kudu lastari
ka sanak kulawargi
supayana jadi lulus
runtut patut ilmuna
malih salameting diri
ti dunyana rawuh sampé
ahératna
- mungguh/nu nyembah ka Allah
teu kalawan leungeun deui
ta maké nyium sampéan
ngan enggeus uliking
galih
ulah rék pegat muji
usik dina jero kalbu
éta nu satemenna
taya dua dina diri
hanteu aya nu nimbang
sami jeung urang
22.
pangandikana Yang Sukma
mun henteu ngadamel kami
bangsa ejin[g] jeung manusa
anging nu nyembah ka kami
mungguhing sembah tadi
nu ngasahkeun ka Yang
Agung
ari tegesna esah
nyaéta aya deui
kaya tahan/ ucap
panggatota tunggal
23.
Aworna gusti kawula
lir cai walungan palid
nu ngocor ka sagara
geus kumpul hanteu jeung
asin
éta mah kaupami
tunggalna alif jeung mahluk
éta nu satemenna
dingaranan insan kamil
enya éta manusa nu geus
sampurna
24.
tegesna manusa Islam
nu geus nepi kupar-kapir
nu geus tinggal
sapénganna
henteu ngurus pardu wajib
antara iman tohid
ma’rifat/ islam teu
ma’lum
henteu pisan ngarasa
dirina muji ngabakti
teu ngarasa dirina téh
(x) jadi kufar
25.
mun manéh tacan uninga
taroskeun ka nu mangarti
poma ulah mangmang manah
ku sabab tacan tingali
jaga sing ati-ati
kanyaho jatining ilmu
ulah sieun ku harga
mangka asrat kana jisim
ngalampahkeun manisna nu
kumawula
DANGDANGGULA
- Kocap deui éta Radén Panji
lajeng siram/ maka lian
abdas
sareng garwana ngadérék
nikukur mawa anduk
nyandak sabun wangi jeung
canting
kersana ngiring solat
saparantos wudzu
lajeng solat sasarengan
raka rayi salat dina
parmédani
rakana nu ngimaman
- waktu ngadeg tina nu mimiti
mayun kiblat ngaran
tatakerama
dina tingal henteu sanés
tunggal kersaning qolbu
nu didongdon usikna ati
seja madep ka Allah
ka pangkonna yang Agung
per/lambangna madep
kiblat
satemen(n)a mungkir ka nu
maha suci
éta kiblat utama
- ngangkat niat harita dipusti
kadua tangrul (?) nangis
katingalna
di jero awi sembah téh
sareng taqbirna husu
hurup nu dalapan geus
leungit
disebut mukaranah
paningal … gulung
kalindih ku nu disembah
enggeus miroj sembahna
geus jadi hiji
sembah sinembah tunggal
- tahiyatna éta Radén/Panji
ngahaturkeun puji ka
pangéran
munajat satemenna téh
mungguh lisaning mahluk
keur lantaran dohiron
Gusti
puji nu muji urang
perlampahna kitu
sapocapan jeung pangéran
taya dua jatina manah
ngan sahiji
nya éta anu murba
- jeung disebut nu ngaran tubadil
satemenna éta tingkah
polah
nyata geus kagentén kabéh
kaganti ku yang Agung
sembah urang sirna bersih
lir saréating bén/tang
hukumna geus gempur
ku serngéngé kasorotan
sirna béntang enggeus
jadi beurang deui
éta hukum Kaula
- Panji maos Alhamdulillahi
kabéh puji kagunganing
Allah
Pangéraning alam kabéh
anu murah ka mahluk
anu asih ka bangsa mu’min
jaga alam ahérat
nya nu maha Agung
pupuntangan sadayana
ngaluluskeun paneda
abdi-abdi
nu diasih ku Yang Sukma
- dijauhkeun ti/ nu rumpil rumpil
dituduhkeun kana marga
padang
saperti jalan nu saé
kakasihna Yang Agung
para nabi jeung para wali
ulah cara jalan(n)a
jalma kafir kufur
kawula nu bangsa sasar
Yahudiyun nu geus
kabendon ku Gusti
Tina lampah jurjana
- Patingkahna enggeus dipilahir
Radén Panji maos éta
Qur’an
teges ruku mangka kaharti
ngasorkeun jiwa raga
harita nunuhun
rupa langgeng ka Yang
Sukma
mun teu lulus
pangampuraning Yang Widi
maratkeun salilana
- Ngangkat asta harita Dén Panji
Gusti Alloh mireng
piunjukna
abdi-abdina sakabéh
Dén Panji lajeng sujud
Panggaota kawas paranti
Babahan pancadriya
Pasrah ka Yang Agung
Panggaota anu mulya
Lir upami cai walungan nu
palid
Geus ngocor ka sagara
- Enggeus ngangkat si/rah Radén Panji
bari lungguh sarta
tumaninah
nurut sakersana baé
percaya ka Nu Agung
anu sipat gofururohim
sujud dua kalina
cara tadi kitu
ngadeg rakaat nu awal
enggeus jejeg rokaat
kadua kali
maos tahiyat sunat
- Sunat af’al disebut ku santeri
Éta wajib urang kudu
terang
Aya tilu réana téh
Sunat ‘ab’al kasebut
Lamun po/ho ség sujud
sahwi
Geus kocap dina kitab
Jatina sing ma’lum
Lungguh tahiyat salawat
Enya éta ngarana
af’alulloh
Jejeg tilu perkara
- Sipat iman amantu billahi
Ari enggeus panarima
Allah
Teu aya pangéran sanés
Ngan ahadun wahid
Ngabogaan anéh pirbadi
Aya ayana tunggal
Manéh éta lain aing tapi
kami
Tanda nyata/ Pangéran
- Sarengna wamalaikatihi
Saenggeusna malaikat
Allah
Warna-warna tingkahna téh
Aya nu nyembah sujud
Sareng aya nu nyembah
muji
Teu ibu henteu rama
Teu dahar teu nginum
Henteu napsu henteu
sahwat
Lain isteri
Pameget éta téh lain
Geus gumelar di dunya
- Nu katiluna wakutubihi
Enya éta kitabna Pangéran
Satus opat kabéhna téh
Ayeuna anu mashur
Kitab Qur’an nu jadi
milik
Panutan sajagat rat
Gusti kanjeng rosul
Dén Panji nékadkeunana
Kitab Qur’an
Sabdana nu maha suci
Lain mangsi na daluwang
- Nu kaopat nya warusulihi
Satemen(n)a para rusul
téa
Opat réwu réana téh
Jeung punjul tilu ratus
Leuwihna tiluwelas iji
Ari nyepeng sarékat
Genep nu kasebut
Saperti ieu di handap
Adam Enoh/ Musa Isa jeung
Ibrohim
Muhamad nu panutupna
- Kalimana walyomil ahir
Satemen(n)a poé panganggeusan
Sirnaning alam sakabéh
Poé kiyamat tangtu
Saadegna awak pirbadi
Éta dunya ahérat
Sadayana kumpul
Dianggangkeun meureun
anggang
Dideukeutkeun tangtuna
jadi sahiji
Jauh deukeut mengkuna
- Nu kagenep wal kadri wasamrihi
Papasténa Allah
Panarima hadé goréng
Ka/béh ti Maha Agung
Mina ajali wal abadi
Asal tina tayana
Tepi kana wujud
Kitu tékad nu utami tina
kitab
faktul fatahul parail
mu’min
Ti Abdulloh mijilna
MIJIL
- Ngabijilkeun I’tikad sajati
Mungguhing Yang Manon
Teu di kidul teu wétan
teu kalér
Najan beulah kulon geus
sepi
Di handap nya sepi
Teu aya di luhur
- Henteu aya di tukang di gigir
Di payun nya kosong
Di handapeun luhure(n)
nya réhé
Ditéangan teu daé(k)
ka/panggih
Di darat di cai
Weléh teu katimu
- Cék nu luhung dibuktikeun bukti
Tapi teu katénjo
Éta saur matak bingung
baé
Matak kudu guru ka nu
tasdik
Terang dhohir batin
Manusa nu luhung
- Pertandana Gusti maha suci
Yaktosna geus jongkot
Taya pédah diimankeun baé
Ka anyarna réh mungguhing
diri
Dikumaha deui
Sénggana teu ngantun
- Nu di wétan katingalna sepi
Diboro teu témbong
Tingkah polah/lir wayang
sakabéh
Cengeng meleng kana lahir
jeung batin
Kawula sajati
Teu pisan sakutu
- Enya éta lungguhna para wali
Jeung mu’min nu kahot
Éta kitu sampurna sakabéh
Tenggem nepi alam
kufar-kafir
Islam sareng kafir
Tingkah polah wujud
- Ulah kéna aya dina tulis
Kadaék tataros
Henteu cukup dina tulis
baé
Lamun téstu teu acan
mangarti
Jadi nyiksa diri
Wajib boga/guru
- Nya naroskeun ka nu geus mangarti
Nu geus ahli raos
Gagal lamun teu kapanggih
téréh
Milih guguru nu leuwih
mangarti
Awas kana pati
Pupus méméh pupus
- Anu mawi dadamelan widi
Teu nganggé parabot
Béda pisan jeung urang
digawé
Maké rimbas baliyung
ragaji
Mungguhing yang widi
Teu kalawan kitu
- Poma-poma ulah salah harti
Sing awas persehot
Éta basa langkung tina
hésé
Lain pisan rasa nu sajati
Pikir masing lantip/
Salebetna kolbu
- Jalma maot nu islam nu kapir
Jasmanina bosok
Lebur ajur bada(n)na
sakabéh
Cék nu nyebut asal tadi
bumin
Jeung sakabéh jisim
Mowal jadi sirung
- Cék sawaréh anu nyebut deui
Éta jisim awor
Mun geus asup kana
kuburna téh
Urat lamad tulang daging
kulit
Ngahiji jeung bumi
Katut bulu-bulu
- Béda sareng nu maot sajati
Dikuburna ngenggon
Maot sotéh awar-awar baé
Henteu sanés ni’mat nu
kapanggih
Lamun geus ningali /
sajatining kubur
- Kubur geus kalakon
Geus dicatur titadi
sakabéh
Hadé goréng geus
dibanding-banding
Duanana sami
Aya na taraju
- Papadana roh kana jisim
Tangtuna karaos
Dina jero kubur sajati
téh
Di waktu ngawuruk Dén
Panji
Pawejangkeun ilmi
Mapan tina saur
- Geura manah omongan nu tadi
Mangkana karaos
Wot siratal nya di dinya
kénéh
Tina awal nepi kana ahir
Terang sareng peuting
Jatining kaweruh
- Suwarga/ naraka tingali
Ku paningal jongjon
Dunya ahérat kawengku
kabéh
Kitu deui aras sareng
kursi
…kalam geus bukti
Di awak sakujur
- Paéh hirup nya kaboga Kami
Mungguhing nyang manon
Ngahirupan maéhan sakabéh
Ngan karaos dina jero ati
Éta boga kami
Gusti kanti wuwung
KINANTI
1.
Geus gemberod anu
nyarebut
Nya éta nu ngaran dikir
La illaha illalloh
Muhamad rosululloh
Hartosna taya pangéran
Ngan gusti nu maha suci
2.
Muhamad/ anu diutus
Ari puji Radén Panji
Ma’na lafad laillaha
Taya lian awak kami
Illahi ngan awak urang
Pinuji utusan Gusti
3.
Minangka tersanda wujud
Kacaahan Maha Suci
Sabab tingkah polah urang
Musik mobah teu kapanggih
Nyalindungna dina awak
Kapindingan ku jasmani
4.
Napi isbat (?) nu kacatur
Ari taya éta napi
Nya isbat ta anu aya
Anu napi awak kami
Isbatna mah awak urang
Tapi urang lain Gusti
5.
Anging dat wajibul wujud
Henteu aya nu ngamisti
Anging ayana yang sukma
Ayana kumaha deui
Reujeung nu ngayakeun
tunggal
Dat sipat asmana sami
6.
Ibarat dalang geus
manggung
Kelirna enggeus
ngadingding
Wayangna enggeus ditata
Tatabeuhan melas-melis
Moncorong cahya damarna
Mintaraga nu digending
7.
Waktu arjuna tafakur
Dina guha banting diri
Lali ka purwadaksina
Teu lian nu ditingali
Ngan anu murba wisésa
Gusti anu Maha Suci
8.
Teu tolih diri sakujur
Ngagiligkeun sembah puji
Mandeng pucuk panga/bungna
Sidakep sinuku tunggal
Maéhan kabéh babahan
Nyirnakeun lima perkawis
9.
Aya saur teu digugu
Ningal hanteu ditingali
Ngambeu hanteu
diambeungan
Lahiran teu dipilahir
Jengjen madep paningalna
Nunggalkeun ciptaning ati
10.
Ngalampahkeun pakon guru
Sang Yang Sang Peramésti
Ka suwarga diunggahan
Ku buta nanyaan putri
Nu ngaran Déwi Suparba
Arjuna nu majeng jurit
11.
Harita perangna unggul
Arjuna lajeng dilandih
Nami Bangbang Mintaraga
Atawa Perbu / Kilitik
Miwah radén Dananjaya
Sareng Kumbang Ali-Ali
12.
Mudu Ganda Madusupu
Nami Radén Werdiningsih
Atawa Radén Janaka
Jeung Merta Wijaya nami
Béda-béda panglandihna
Raosna mah ngan sahiji
13.
Mana I barangna wujud
Damarna ngawengku ringgit
Wayang ngawengku ka
dalang
Dalang ngawengku ka kelir
Kelirna a’yan sabinah (?)
Nganyatakeun wayang tadi
14.
Lamun damarna geus hurung
Éta panarima ati
Caang Allah bétan damar
Itikad anu utami
Nabi wali sadayana
Nu kénging pangkat Yang
Widi
15.
Gamelan ramé/ ngaguruh
16.
Ketuk kenong siligenti
Kendang gong gangsa
disada
Gambang barung lawan
suling
Saron kawas calapita
Ayana pangucap biwir
17.
Pangucap atawa saur
Minangka gamelan muni
Jati-jatining gamelan
Nyukma kanu ngaran
gending
Raoskeun mangka waspada
Tanda geus jadi hiji
18.
Onto.. nyebut ka Yang Agung
Mun nyatana geus
kapanggih
Poma mangkana waspada
Ulah pisan salah tampi
Sedeng nu ngaran gamelan
Kanyata hanteu kapanggih
19.
Najan kahalangan gunung
Lamun jodo tangtu hasil
Teu jauh awak sorangan
Jeung sanajan tunggal
gusti
Henteu pageta tunggal rasa
Rasana jadi sahiji
20.
Andika urang nya kitu
Urang téh andika sidik
Duanana geus satunggal
Campuh kawula jeung Gusti
Pisah lamun kahalangan
Kandeg ku rupaning jisim
21.
Dasar mashur rada muncul
Pangmuncul-munculna
santeri
Doraka nanggung ganjaran
Poho kawengku ku dikir
Sungkan pajingjing ibadah
Éta santeri nu sajati
22.
Nu maca ulah kaliru
Béh dieu ka ati-ati
Kurang-kurang panalarna
Temahna ambala éti
Tanyakeun ka guru heula
Bisi sasar lahir batin
23.
Ulah waka gancang Sang
Gung
Mun teu terus kana ati
Buhaya saba daratan
Awak teu beunang dipasti
Lamun acan tunggal tingal
Teu tunggal rasa mo jadi
24.
Sareng ulah waka nyaur
Pikiran heula ku ati
Pada-pada sasauran
Mudu beunang tur patitis
Tunggalkeun ati jeung
rasa
Hartina mudu jeung muni
25.
Hideng anu henteu weruh
Kadangu henteu kakuping
Duanana teu ngarasa
Jatina ngan Radén Panji
Endog di luarna bodas
Di jerona pasti kuning
26.
Gendangna geus/
ngagelendung
Pasemona nu ngagending
Satemenna ngalanglang
Ka nu kasanding na diri
Kasandung mun geus
disandang
Ditanding ku nu sumanding
27.
Salira Dén Panji kitu
Pakeun ibarat jeung misil
Digentos jenenganana
Ngadangu suluk sajati
Bodo kawas bijaksana
Bodo cék nu tacan ngarti
28.
Pinterna cék nu geus
punjul
Waspada rasaning ilmi
Mun bodo ingetanana
Moal bisa nganggit
gending
Tuladan anu utama
Teu kumambang lahir batin
PUPUH MASKUMAMBANG/
1.
Poma-poma laku lampah
sing patitis
Ulah lalawora
Néangan anu sajati
Héséna kabina-bina
2.
Béas bubuk sumbilang nu
maké taji
Tepungna salira
Sidik léléwa ning Gusti
Kaula mangka pertanda
3.
Dodogula poma sanak ulah
lali
Purwa jeung wekasan
Tangtu sangsara nya diri
Mun keur hirup teu
kapendak
4.
Tina sabab sapolah
tingkahing diri
Enggeus kaliputan
Ku Alloh anu sajati
Tétéla tina atina
5.
Paribasa cai bijil tina
jisim
Inget salawasna
Anu poho ka Yang Widi/
Hal iman masing peryatna
6.
Enya éta kudu turut
kanjeng Nabi
Lampah nu sampurna
Ulah tinggal solat daim
Sampurna jeung saré’atna
7.
Mangka awas kana rupa
jiwa jisim
Sabab geus kawayang
Ragana tinggal ngaguling
Sirna pulang ka asalna
8.
Mun geus mulang sukmana
ka mana deui
Poma sing waspada
Aworna kawula Gusti
Marga langkung tina samar
9.
Mun deus gelar sahadat
solat sing titi
Sahadat jeung solat
Panggonan wong bisa mati
Lamun nyata geus sampurna
10.
Mangka awas ka purwa
wekasan hirup
Mungguh kitab Qur’an
Cai sakeclak nu bijil
Sumengga geura téangan
11.
Cai éta carang pisan nu
tingali
Kana sajatina
Nu téstu cai sajati
Wantu persemoning wahdat
12.
Éta kitu sing awas
sahiji-hiji
Lamun teu uninga
Disebutna masih kapir
Pamanggihna teu
(se-nun-qop) sampurna
13.
Mun geus awas dina eusi
bumi langit
Tanda enggeus meunang
Darajatna para wali
Dina sajero kalbuna
14.
Kolbu éta sipatna dat nu
sajati
Mu’min anu nyata
Éta astana ning nabi
Sarta minangka gedongna
15.
Sabab ati kasengsem sukma
sajati
Anu teu uninga
Najan rajin muji dikir
Milang waktu sambéyangna
16.
Henteu matak
nyampurnakeun kana diri
Tuturuti solat
Mun teu nyaho kana diri
Jadi sasar pangsolatna
17.
Kitu deui kasauran Radén
Panji
Lamun geus kapendak
Nu ngaran jatining ilmi
Sirna sagala teu kocap
18.
Saha-saha nu geus nyaho
ka pirbadi/
Sasat geus uninga
Ka Gusti nu Maha Suci
Rupa awakna sorangan
19. Badan
lahir tangtuna geus katingali
Ku
panon kapala
Ngan
éta awak nu batin
Katingalna
ku kalbuna
20. Awak
lahir awak batin tacan sidik
Tapi
nyatana mah
Éta
meureun anu lahir
Pang
wujudna lahir téa
21. Pang
wujudna sartana awak nu batin
Batin
katingalan
Waktuna
di jero ati
Lahir
katingal ku soca
22. Pangandika
Yang Sukma Jati linuwih
Jeung
Nabi Muhammad
Diangken
rasa sajati
So/sina
gedong suwarga
23. Nu
mukakeun kabéh lawang rasa sajati
Muhammad
utusan
Kakasih
Gusti Yang Widi
Panutan
umat sadaya
24. Masing
nyata ka rosul nya kana diri
Sabab
henteu béda
Andika
téh reujeung nabi
Bédana
ngan ku jenengan
25. Enya
éta rohani reujeung jasmani
Sabab
Rosulullah
Jenengan
badan ruhani
Tegesna
leuwih sucina
26. Mungguh
lampah kanjeng nabi kang sinelir
Teu
narima coba
Saderah
saciptaning galih
Mun
andika rék uninga
27. Kudu
tu/rut sakumaha kanjeng nabi
Nyirnakeun
pangucap
Pangambung
katilu cepil
Opat
sareng paningalna
28. Andika
téh anu ngaran do idopi
Rohani
badanna
Kitu
lampah nu lastari
Sarta
sampurna tingalna
29. Titingalan
para nabi wali mu’min
Kapungkur
sadaya
Wungkul
ningali pirbadi
Ka
Gusti nu maha mulya
30. Lamun
henteu kalawan nabi jeung wali
Henteu
kahalangan
Teu
kandeg ku johar jisim
Tina
leupas paningalna
31. Lir
upama tingal bulan/waktu peuting
Tapi
éta bulan
Katingal
ku panon lahir
Batin
katingal ku manah
32. Mun
andika ti ayeuna henteu sidik
Ka
nu Maha Mulya
Jaga-jaga
ku kapanggih
Tangtu
suwung ahératna
33. Entong
jauh néangan Gusti Yang Widi
Sing
awas rupana
Éta
rupa Maha Suci
Ulah
pisan salah tampa
34. Jalma
siji sirahna baketiti
Teu
manggih kaula
Kawula
nyaaning widi
Nu
diangken wujud tunggal
35. Satemenna
minangka paésan jati
Qolbu/mu’min
téa
Bumina
nu maha suci
Waktuna
sapatingalan
36. Enya
ayeuna na mana tilu perkawis
Tapi
sing waspada
Lain
ati nu jasmani
Aya
nu luhur bangsana
37. Éta
nu diangken paésan jati
Aya
tilu rupa
Nu
kahiji wujud qodim
Kaduana
qodim muqdas
38. Wujud
mutlak nu katiluna perkawis
Kieu
upamana
Dalang
wayang sareng kelir
Kelirna
ayan sabiah
39. Sakabéhna
enggeus aya dina kelir
Teu
aya kurangna
Sora
gamelan kelir
Kelirna
/ngucap sorangan
40. Sareng
deui ari satemenna kelir
Nganyatakeun
wayang
Dalangna
teu katingali
Kahalangan
ku wayangna
41. Jeung
wayangna terang kahalangan kelir
Ucapna
ki dalang
Maparin
wujud birai
kana
kelir jeung ka wayang
42. mun
di manah satingkah polahing diri
wuwuh
carem tingal
teu
pegat pulang saresmi
kagentos
manising sukma
DANGDANGGULA
1. Saleungitna
pangéran téh kami
Pang
pisahna sareng anu aya
Naon
anu kapanggih téh
Ngan
sajatining suwung
Ség
/ manahan
Suwungna
deui
Teu
kénging ku pangucap
Hal
jatining suwung
Teu
hasil mun dimanahan
Henteu
hasil cukup ku akal sareng pambudi
Mun
henteu guguru heula
2. Kudu
naros kanyatahan widi
Néangan
dina salirana
Sing
awas ka rupa déwék
Lamun
geus katimu
Saé
tah sukma linuwih
Nyata
di awak urang
Éta
nu agung
Teu
jauh awak sorangan
Ngahalangan
kahalangan ku Yang Widi
Allah
teu kahalangan
3. Mungguh
tingkah polahing Ki Widi
Geura
manah/ti mana datangna
Ulah
jauh tingalan téh
Tingkah
polah sakujur
Kudu
ningal awak pirbadi
Paningal
polah urang
Lain
anu agung
Polah
nu kagungan polah
Nu
ngawengku nya éta wengkuna sidik
Poma
éta kaawas
4. Mungguh
anu sampurna patitis
Enya
éta nu kagungan polah
Henteu
arah henteu enggon
Lir
beusi anu hurung
Ség
téangan beureumna beusi
Éta
beureum ku saha
Lain
beusi hurung
Anu
hurung beureum téa
Satemenna/
anu hurung lain beusi
Naon
hartina pisan
5. Beureum
éta mengku kana beusi
Beusi
éta ngawengku beureumna
Leungit
rupa beusi kabéh
Warna
rupa jeung semu
Narima
yén ayana sami
Anu
matak sampurna
Lain
beusi hurung
Reujeung
anu beureum téa
Lain
seuneu jatina mangka kaharti
Supaya
katarima
6. Salian
pasemoning ati
Henteu
aya anu katingali
Cumah
panarima haté
Upama
teu katimu
Sajatina
diri pirbadi
Ulah
ngarasa héran
Ku
basa/ ku saur
Balikan
mangkana awas
Pangéran
téh dipisaur beurang peuting
Jatina
teu kapendak
7. Sanget
pisan adereng dina pikir
Radén
Panji kitu caritana
Nganggit
tembang suluk banyu
Keukeuh
maksudna kolbu
Radén
Panji saurna manis
Kami
téh hayang terang
Mungguh
ka nu Agung
Mun
hayang nyaho di Alloh
Henteu
lian sing awas ka nu sajati
Ninggal
awak sorangan
8. Anu
hayang awas ka Yang Widi
Geura
ninggal ka na salirana/
Éta
kitu nyatana téh
Ulah
rék salah maksud
Lain
raga nu ngajunggiring
Kaula
jati kembar
Jeung
sukma gumulung
Dina
tauhidna waspada
Paribasa
tani diruang ku bumi
Sarangéngé
kapoyanan
9. Aya
rupa katinggal sahiji
Ngawengkuna
ka opat perkara
Galatak
gulutuk baé
Jeung
buluk leuwih alus
Geus
sadia ség jadi titik
Rangkas
tur rarawisan
Tuluy
kukuruluk
Mangga
éta dimanahan nu mimiti
Témbong
jangkung dina kulit
Bo/das
konéngna aya
10. Leuwih-leuwih
anu ngaran hurip
Henteu
lian itikadna manah
Wungkul
panarima baé
Henteu
pisan ngama’lum
Yén
urang téh rupaning hiji
Lir
gula upamana
Jeung
amisna kumpul
Teu
beunang dipisah-pisah
Henteu
béda rupana jeung nu ningali
Éta
rupaning sukma
11. Éta
kitu tékad nu utami
Saur
Radén Panji masing yatna
Pisah
sareng kumpulna téh
Poma
mangka kama’lum
Nya
ngawaskeun diri pirbadi
Nu
ayana salira
Katinggalna
lembut
Nyaéta
roh sareng jasad
Antara
na mi/nangka lanjeuring diri
Éta
urang sing awas
12. Sabab
tangtu geus sami ningali
Tina
asal urang henteu aya
Tangtu
taya deui baé
Tapi
loba nu bingung
Réa
anu tuturut munding
Anu
saralah paham
Nya
tékadna bingung
Réh
asal tina tayana
Datangna
ditangtukeun
Pangbalikan
jadi leungit
Méh
henteu karuhan
13. Salah
gedé mun tékadna leungit
Jadi
lain mulang ka asalna
Mun
kitu tékad teu saé
Kaémut
kapitutur
Kawas
nu geus kasebut tadi
Merlukeun
guru heula/
Ka
jalma nu luhung
Nu
geus terang sadayana
Rempug
sareng ijma kias hodis dalil
Muku
saréatna
14. Mun
teu kitu éta salah tohid
Ngamanahan
jatining teu aya
Satemenna
awak déwék
Upama
tékad kitu
Tangtu
taya sampurna diri
Teu
aya lian cipta
Mungguh
bangsa luhung
Tinggalna
teu kahalangan
Poma-poma
regepkeun papatah kami
Ulah
rék lalawora
15. Solat
jati éta sing kaharti
Réana
téh ngan tilu perkara
Tur
aralus deui baé
Sem/bah
puji téh kolbu
Satemenna
lir cai palid
Ngocorna
ka sagara
Kitu
jeneng mahluk
Réa
kandeg ku babasan
Sumawonna
kaperluan solat jati
Pilihan
anu uninga
16. Jero
solat geus nerangkeun deui
Lir
nu ngubek cai dina dangdang
Narimakeun
kitu baé
Jatina
jadi pucuk
Ség
rupaning sahiji-hiji
Nu
euweuh jadi aya
Kawas
ombak laut
Leur
sakabéh urusan
Nyata
sukma jatina awak pirbadi
Wani
ninggal nagara
17. Singgetna
mah anu ngaran ilmi
Ka/wuspada
kana seuneu ruhay
Hurungna
mangka karaos
Panasna
sing kama’lum
Jeung
haseupna mangka kaharti
Sing
terang paningalna
Méméh
seuneu hurung
Pareuman
sing kauningan
Sadayana
seuneu téh mangga digalih
Persemon
nyata pisan
18. Ulah
pisan mangéran ka diri
Masing
awas kanyatahan sukma
Tanpa
jasad nyatana téh
Tong
réa nu diurus
Montong
ngurus nabi jeung wali
Montong
ngucap pangéran
Ulah
tékad suwung
Lamun
sampé umur urang/
Hadé
cicing tapi manah
Kudu
dikir nu sampurna
19. Sampurnana
kawas anu guling
Saré
sereng isteri sacombana(?)
Di
dinya geus sirna kabéh
Aworing
asih luluh
Poma
éta mangka patitis
Nu
ngaran panarima
Éwuh
tékad kitu
Rasa
kapir reujeung islam
Padep-adepan
Parandéné
masih sirik
Jadi
taya pédahna
20. Patékadan
dibulak-balik
Hayang
hidep di jero manahna
Masing
inget kana maut
Poma
mudu diurus
Sukma
éta pinur/jati
Mapan
kanti Pangéran
Beurang
peuting gulung
Muji-muji
ka Pangéran
Upamana
ayang kakara rék ngawit
Tacan
disebut dalang
21. Aya
deui silokaning diri
Beusi
diruwang ku taneuh téa
Nu
jadi sirung téh naon
Sakabéh
kudu timu
Sakurangna
lir cai palid
Henteu
beunang dikira-kira
Lir
nu meulah batu
Mungguh
tingal kitu pisan
Urang
éta dipelak ku Maha Suci
Mustahil
mun sirungan
22. Satemenna
anu geus utami
Mudu
titih lampah tatakerama
Montong
ngurus anu séjén
Sababna
anggeus puguh
Carang
terang ka sukma jati
Rajeun
aya nu terang
Tangtu
boga guru
Lir
upama cai hujan
Geus
tangtuna caina ngucur ka bumi
Cileuncang
disebutna
23. Mun
kudu nurut kanjeng nabi
Sabab
éta pinangka pintuna
Ulah
nganggé jalan séjén
Nu
kitu jadi luhung
Allah
sipat rohman jeung rohim
Ruket
jadi baraya
Campuh
jadi dulur
Anu
ruket jeung Pangéran
Lila-lila
baraya heubeul kapanggih
Upama
geus kapendak
Mungguh/
tangtu diangken ku Gusti
24. Mun
geus kitu sukmana ngandika
Naon
pikarepeun manéh
Di
dinya aya saur
Réh
keur hayang ruket jeung Gusti
Mun
pareng aya bagja
Sahajat
dikabul
Laksana
sapakarepan
Wantu
karep geus campuh jadi sahiji
Nyata
geus jadi tunggal
25. Tapi
loba nu salah mangarti
Poma-poma
éta masing peryatna
Ka
isining salira téh
Dina
sajero kolbu
Éta
gedong simpenan leuwih
Sakabéh
geus sadia
Dina
kolbu kumpul
Henteu
aya kakurangan/ bangsa santri
Pilihan
anu mangarti
Kana
gedong simpenan
26. Teu
katinggal lian ku nu jati
Mun
geus nyaho ulah rék gagabah
Temahna
jadi teu saé
Lir
sireum keur lumaku
Gedebugna
teu katingali
Nu
taya jadi aya
Ayana
ku lembut
Ngarias
cai misilna
Sanggeus
lembut tuluy dicapék sakali
Huntu
pulak kasamaran
PUPUH ASMARANDANA
1. Dén
Panji ngalahir deui
Kersa
nuluykeun carita
Perkawis
hak henteu sanes
Caritana
waliyulloh
Waktu
keur sasauran
Karumpul
di masjid agung
Sunan
Ampél pok ngandika
2. Kang
putra sinuhun Giri
Kumaha
mungguh Kang Putra
Tina
paninggal nu yaktos
Kinten
sagedé kumaha
Ieu
jagat gedéna
Sunan
Giri pok ngawangsul
Mungguhing
paninggal hamba
3. Gedéna
jagat geus sidik
Sami
jeung payung teu kirang
Raos
raos moal géséh
Jagat
sakuriling tinggal
Sami
pisan sareng payung
Sadaya
katinggalan
Sunan
Ampél pok ngandika
4. Ka
sunan/Bonang rumanis
Kumaha
mungguh kang putra
Tinggalan
anu sayaktos
Jagat
sagedé kumaha
Ti
kulon dongkap ka wétan
Ti
kalér dongkap ka kidul
Sunan
Bonang pok ngandika
5. Gedéna
jagat geus pasti
Ngan
sami sareng mandapa
Sakitu
katinggalna téh
Henteu
langkung henteu kirang
Legana
ieu jagat
Tuluy
Sunan Kudus nutur
Mungguh
katinggal ku kami
6. Gedéna
jagat geus sidik
Sami
jeung payung teu kirang
Raos
raos moal geséh
Jagat
sakuriling/ tinggal
Sadaya
katinggalan
Sami
pisan sareng payung
Sunan
Ampél pok ngandika
7. Ka
Sunan Bonang rumanis
Kumaha
mungguh kang putra
Tinggalan
anu sayaktos
Jagat
sagedé kumaha
Ti
kulon dongkap ka wétan
Ti
kalér dongkap ka kidul
Sunan
Bonang pok ngandika
8. Gedéna
jagat geus pasti
Ngan
sami sareng mandapa
Sakitu
katinggalna téh
Henteu
langkung henteu kirang
Legana
ieu jagat
Tuluy
Sunan Kudus nutur
Mungguh
katinggal ku hamba
9. Jeung
balé jagat téh sami
Malah
lamun diukur mah
Masih
kénéh gedé balé
Sakitu
nu katinggal
Sim
kuring henteu samar
Coba
mangga geura ukur
Nimbalan
mantri ….
10. Ngalahir
nuhun jati
Sanés
jeung paninggal kula
Mungguh
legana jagat téh
Sami
sareng pangcalikan
Samalah
hareurin pisan
Kula
méh teu bisa diuk
Tina
kacida heurinna
11. Gunung/gajah
pok ngalahir
Nu
némbal pangandikana
Kanjeng
sinuhun Cirebon
Mungguhing
paninggal hamba
Legana
ieu jagat
Sami
baé sareng payung
Samalah
rubak payungna
12. Syéh
Lemah Abang ngalahir
Mungguh
keur paninggal hamba
Sami
sareng piring baé
Sakitu
legana jagat
Nu
enggeus katinggalan
Henteu
kirang henteu langkung
Sami
sareng piring ajang
13. Sunan
Kali pok ngalahir
Ari
sajatina jagat
Mungguh
paninggal hamba téh
Henteu
langkung henteu kirang
Paninggal
sayaktosna
Sagedé
pedes dibubuk
Sakitu
legana jagat
14. Tinggal
banyol anu ngangit
Sanajan
tinggal nu maca
Jagat
téh kaliwat gedé
Madhab
opat wani ngeblak
Kasaksén
ku nu réa
Loba
leuweung loba gunung
Sagara
taya tungtungna
15. Radén
Panji nyaur deui
Nyaéta
sang murdaningrat
Anu
nuluykeun carios
Saurna
para aulia
Ngababarkeun
pamendak
Mungguh
tinggal kuring kitu
Nu
kalawan sayaktosna
16. Jagat
hanteu katingali
Alam
dunya teu katara
Tegesna
sirna sakabéh
Bohong
lamun katingalan
Maké
panon sirahna
Sajatina
jagat suwung
Leungit
na naon nu aya
17. Sirna
kabéh bumi langit
Uwung
awang henteu aya
Ka
wujudna anu sanés
Ngan
Dén Panji Murdaningrat
Nyaéta
sing waspada
Ulah
aya jalma nurut
Kana
omong anu samar
18. Sadaya
saur nu tadi
Henteu
ké/nging dicepengan
Sabab
ngan ukur persemon
Lain
baris patékadan
Aya
deui lajuna
Ulah
pisan rék kaliru
Sing
awas kabéh babasan
19. Radén
Panji nyaur deui
Ka
nu ngadangu sadaya
Ka
sakur anu mamaos
Sanak
kadang kulawarga
Poma
sing bisa nampa
Raosna
ieu pitutur
Sadaya
anu kasebat
20. Sabab
rasiah nu leuwih
Lain
paomongan budak
Kudu
gurukeun sing saé
Ka
jalma nu geus utama
Yaktosna/
nu sampurna
Satemenna
basa kitu
Kudu
pada naréangan
21. Éta
kanyaho sajati
Pilihan
anu uninga
Wantu
saur wali kabéh
Sadayana
nu kaucap
Nu
masih kénéh samar
Sajatining
pangaweruh
Hésé
sajeroning gampang
22. Gampang
mungguh para wali
Nganggit
sagala omongan
Éwuh
dinu masih bodo
Saratna
mangka waspada
Ulah
rék lalawora
Bok
bisi urang katungkul
Temahna
manjing naraka
23. Jalma
anu tacan ngarti
Ulah
rék éra tatanya
Leuwih
hadé anu bawél
Ulah/bosen
tunyu-tanya
Nanya
ka nu uninga
Tegesna
ka jalma luhung
Diguruan
babar pisan
24. Kocap
deui para wali
Nyaéta
perbu sasmita
Kadua
pangéran saron
Tilu
sunan Kertalaya
Jeung
sunan Gunung Gajah
Munggang
sasinuhun agung
Genep
Sunan Pasiraman
25. Katujuh
téh Lemah Abrit
Kadalapan
Kalijaga
Salapan
Sunan Cirebon
Sapuluh
Séh Pisang tanah
Nyaur
parabu sasmita
Sadaya
anu karumpul
Hayu
urang parempagan
26. Wantu
dipindingan deui
Urang
ngababarkeun tékad
Teu
kénging ku sindir baé
Terangkeun
mangka pertéla
Urang
muka larangan
Ulah
rék ngadukeun semu
Saurkeun
sakabenerna
27. Pangéran
saron ngalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Patemoning
salira téh
Hakékatna
alam dunya
Hamba
terang Yang Sukma
Datullah
murba ka wujud
Ngawisésa
piambekna
28. Sunan
Cirebon ngalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Patemoning
salira téh
Enya
éta asma Allah
Tapi
pinangka tanda
Di
dunya hakékat tangtu
Lir
satu tina citakan
29. Sunan
Munggang sapalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Patemoning
salira/ téh
Iman
hirup jeung nugerahan
Budi
sareng hirupna
Hirup
kalawan walingun
Éta
kitu tékad hamba
30. Séh
Pisang Tanah ngalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Patemoning
salira téh
Duanana
nyata Allah
Teu
aya anu lian
Nya
wali jenengan mashur
Sajatina
mapan hamba
31. Séh
Datullah ngalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Patemoning
salira téh
Nya
Allah nya Rosulullah
Tapi
pinangka tanda
Di
dunya ahérat kitu
Waspada
ka ahératna
32. Gunung
Gajah pok ngalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Panemoning
salira téh
Cahya
mancur kawas bulan
Jeung/
éta sarangéngéna
Maéhan
sagala napsu
Ngahirupan
kabéh lampah
33. Séh
Lemah Abang ngalahir
Kersa
ngababarkeun tékad
Patemoning
salira téh
Sujud
ruku pada Allah
Sembah
sinembah Allah
Hamba
ngamurba ka wujud
Ngawisésa
jeung hanteuna
34. Sadaya
wali ngalahir
Séh
Lemah Abang Qodariyah
Ka
Jabariyah éta téh
Séh
Lemah Abang ngajawab
Jauh
kana benerna
Jeuh
deukeut henteu ma’lum
Ieu
kuring nama Allah
35. Ngalahir
Maulana Magrib
Mun
kitu téh Lemah Abang
Ieu
réncang tuan kabéh
Henteu
béda sareng tuan
Tuan/
ulah gagabah
Bisi
aya nu ngadangu
Karana
éta larangan
36. Nu
sanget dipusti-pusti
Teu
kénging pisan dibuka
Larangan
nu leuwih gedé
Ngaruksak
kana agama
Ngaburak
tatakarama
Mungguh
tékad anu kitu
Nu
kudu meunang hukuman
37. Pirempakna
para wali
Ayeuna
kumaha kersa
Nu
geus kitu tékadna téh
Nyéta
ngaruksak agama
Para
wali geus rempug
Séh
Lemah Abang hukum
Réh
salah geus ngaku Allah
38. Séh
Lemah Abang ngalahir
Mangga
ontong lila-lila
Suwarga
geus buka kabéh
Séh
Lemah Abang dipedang
Getihna
muncrat-muncrat
Seungit
kaambeu malahung
Kawas
kastori jeung jebad?
39. Sahabatna
Siti Aberit
Sadayana
ditelasan
Harita
geus maot kabéh
Santeri
dua jeung juragan
Nu
sami ngaku Allah
Aya
hiji anu kantun
Pandakawan
ngaku Allah
40. Majar
inya Allah leutik
Muridna
Séh Lemah Abang
Hayang
ngadédérék maot
Rempugna
wali sadaya
Nya
kudu dipaéhan
Saréhna
santeri geus kukuh
Keukeuh
pangakuna Allah
41. Budak
santeri hatur deui
Mangga
ulah lila-lila
Suwarga
geus buka kabéh
Lawangna
geus katingalan
Sumangga
énggal-énggal
Réndéngkeun
ulah pajauh
Jeung
guru Séh Lemah Abang
42. Lastari
santeri dipeuncit
Beuheungna
geus sapat pisan
Budak
santeri seuri baé
Layonna
Ki Séh ngandika
Pok
majar éta budak
Deukeutkeun
ulah pajauh
Jajarkeun
sareng kaula
43. Sunan
Ratu pok ngalahir
Lemah
Abang teu sapira
Badan
tuan weuteuh kénéh
Tilu
poé gilang-gilang
Layonna
hatur salam
Assalamu’alaikum
Satutasna
lajeng sirna
44. Éta
lampah para wali
Misilna
kudu téangan
Poma
ulah rék sélédér
Néangan
ilmu nu nyata
Teu
jauh di dirina
Kasebut
di unggal suluk
Panggiheun
anu nonoman
SINOM
1. Ayeuna
gentos carita
Di
nagara Malobari
Maharaja
Nur Muhammad
Kalangkung
digjaya sakti
Sarta
kasohor adil
Kocap
dina hiji waktu
Anlér
para ponggara
Demang
Rangga para manteri
Nu
di payun Radén Patih Kalamullah
2. Ngajajar
para pandita
Para
pangulu jeung naib
Nujum
sami ngadeuheusan
Sang
Raja lajeng ngalahir
Ka
Kalamullah patih
Kumaha
ieu geus kumpul
Kabéh
para bujangga
Ulama
nu ahli ilmi
Matur
nyembah Radén Patih Kalamullah
3. Ngajajar
para pandita
Para
pangu/lu jeung naib
Nujum
sami ngadeuheusan
Sang
raja lajeng ngalahir
Ka
Kalamullah patih
Kumaha
ieu geus kumpul
Kabéh
para bujangga
Ulama
nu ahli ilmi
Matur
nyembah Radén Patih Kalamullah
4. Sunan
muhun timbalan raja
Sadayana
geus sayagi
Para
nujum jeung ulama
Lajeng
sang raja ngalahir
Ka
sadaya nu hadir
Éh
sakabéh para nujum
Miwah
para ulamana
Jeung
sakabéh para manteri
Per
ponggawa déngékeun carita urang
5. Tadi
peuting jam sawelas
Waktu
saré kami ngimpi
Kapireng
aya sora /
Nu
jumegur dina bumi
Sorana
liwat leuwih
Saalaheun
sora gugur
Henteu
aya tandingna
Asa
urug bumi langit
Cing
kumaha éta naon alamatna
6. Jeung
deui jangji kaula
Saha
baé anu ngarti
Bisa
nerangkeun impian
Nu
kaimpi peuting tadi
Ménak
atawa kuring
Nu
nyaho dipulung dulur
Dingeunahkeun
dirina
Ti
awalna sampé ahir
Dimulyakeun
sampé ka anak incuna
7. Sadaya
nu ngadeuheusan
Pandita
jeung nujum sidik
Miwah
para ulamana
Ponggawa
jeung para mantri
Taya
nu jawab siji/
Sadaya
patingpelenguk
Aya
siji ulama
Resi
Sahadat kakasih
Sor
ka payun bari unjukan ka raja
8. Muga
aya jiad raja
9. Na
baruk panduka Gusti
Menggah
supena panduka
Soara
ngajegur tarik
Éta
alamat gusti
Aya
pandita nu luhung
Tékadna
ngalangkungan
Ngangken
Allah nu sajati
Nu
katelah namina Séh Abu Nawas
10. Di
puncak gunung matuhna
Keur
tatapa nyung sang gusti
Gunung
Sukaur namina
Raja
kagét nguping warti
Piunjuk
Sahadat Resi
Raja
Nur Muhammad bendu
Tatapi
henteu lisan
Nyaur
dina jero galih
Siga
naon jalma anu ngaku Allah
11. Kakara
nguping ayeuna
Ditaksir
baé ku kami
Ngan
kongaskeun kahadéan
Sapédah
manéhna sakti
Kawas
euweuh lalaki
Raja
wuwuh-wuwuh bendu
Maharaja
ngandika
Mungguh
pakarepan kami
Lamun
rempug jeung sakabéh para penggawa
12. Hadé
cuang dilurugan
Ka
Sukaur puncak ukir
Kira
sabaraha jauhna
[sa
ra] Resi Sahadat pok ngalahir
Sumuhun
henteu tebih
Tilu
dinten ugi cunduk
Tur
lempang tumaninah
Ngan
di jalan langkung werit
Tina
marga nyorang leuweung sapanjangna
13. Nyorang
jurang lebak sakor
Carang
jalma anu wani
Marga
loba nu kasasar
Sasab
henteu nimu margi
Sanajan
jin ipri
Teu
tahan loba nu wangsul
Sareng
pun abu nawas
Maréntah
sagala jin
Kapir
Islam taraluk ka Abu Nawas
14. Sareng
réa para raja
Nu
parantos sami wirid
Ngéstu
paréntah Bu Nawas
Raja
Sindu Warigaib
Ki
Gangsa Nerpati
Sakadang
wargana taluk
Raja
Kora/ Koripan
Sang
Raja Sulah geus wirid
Raja
Sulmah Sukaur kabéh ngalalap
15. Sami
mirempag sasmita
Abu
Nawas nu diiring
Sadaya
miceun saré’at
Karitu
tékadna gusti
Raja
di atas angin
Bawah
angin geus taraluk
Dalit
jeung Abu Nawas
Teu
sanés sababna gusti
Abu
Nawas luhung pisan darajatna
16. Lahir
raja Nur Muhammad
Sanajan
kitu gé kami
Panasaran
hayang terang
Naha
éta geus tingali
Kana
usiking ati
Nu
jadi kareping batur
Ku
saba ti baheula
Ti
awit/ keur jaman nabi
Tacan
aya jalma anu ngaku Allah
17. Salian
Yang Sukma Mulya
Nu
murba wisésa leuwih
Ku
naha éta Bu Nawas
Kami
nyata teu mangarti
Wantu
kakara manggih
Nu
tékadna luput kitu
Matak
sangar nagara
Mana
pakarepan kami
Kudu
pisan Séh Abu Nawas dirampas
18. Sabab
ngaburak agama
Wajibna
dihukum pati
Resi
Sahadat pok unjukan
Lamun
kitu kersa gusti
Sim
abdi langkung ngiring
Jeung
abdi gaduh panuhun
Sareng
para ulama/
Nyarengan
mangkat jeung abdi
Hayang
terang raos pait jeung manisna
DANGDANGGULA
1. Sang
Perabu Nur Muhammad ngalahir
Sadawuhna
kami ijin pisan
Geura
mangkat agé-agé
Jeung
kabéh para tumenggung
Miwah
rangga demang jeung manteri
Ulama
para pandita
Sabaladna
maju
Mawa
opat pangbéragan
Ki
Tumenggung Balayuda kitu deui
Demang
murda sangaran
2. Patih
Kalamullah kudu ngiring
Mangka
jadi sénapati perang
Ngumendir
balad sakabéh
Sarawuh
para kaum
Bangsa/
para jago ti malobri
Sagunging
kapetengan
Nu
gagah nu jamhur
Nu
bisa ulah bicara lapad ma’na
Ahli
nahu ahli fakih
Saperti
Abdurohman
3. Jeung
Ki Ratsid Ki Timuriati
Sabaturna
anu geus merdika
Jeung
ujung Koripan kabéh
Umar
sidik nu mashur
Ki
Muhammad nu ahli faqih
Jeung
Ki Abdu Salam
Anu
ahli nahu
Anu
peryoga ngalawan
Abu
Nawas nu ngaku Allah sajati
Geuwat
geura paéhan
4. Geus
sadia anu baris indit
Resi
Sahadat miwara/ngan raja
Gancangna
budal sakabéh
Sabatur
henteu kantun
Kalamullah
lir Sénapati
Tumenggung
banda yuda
Jeung
sanés tumenggung
Pambéragan
sadayana
Ki
tumenggung
Gajah
sangara teu kari
Jeung
tumenggung Gajah Layak
5. Sigeug
heula para nujum sidik
Jeung
ulama gentos kacarita
Di
Gunung Sukaur géhgér
Abu
Nawas geus ma’lum
Bakal
nyata dilurug jurit
Pandita
waliyullah
Paningalna
terus
Ulat
leres kawarasan
Ngaos
/éta
Pananganana
dibalik
Ngabrul
saparhiyangan
6. Sétan
lembut jeung jin islam kafir
Geus
ngadeuheusan
Ka
payuneun pandita
Abu
nawas nyaur alon
Sakabéh
para lelembut
Jeung
sakabéh nu bangsa ejin
Anu
milu ka urang
Éta
kudu rempug
Ulah
ngalieuk ka tukang
Maka
rempug
Sapapait
samamanis
Sabagja
sacilaka
7. Reujeung
kabéh masing taringali
Mangké
urang bakal kasémahan
Piwarangan
raja gedé
Malobari
sang perabu
Luluguna
sang sahadat/ resi
Jeung
patih Kolamullah
Miwah
para tumenggung
Nujum
sidik para ulama
Pangkat
demang
Ponggawa
jeung para manteri
Rék
ngusul patékadan
8. Tina
éta keur pahén kami
Lamun
enggeus sakabéh datang
Saruguhan
ku maranéh
Kadaharan
di gunung
Anu
kira teu matak isin
Supaya
ulah cua
Teu
kasebut dusun
Rada
nyima ka nagri
Kadaharan
Ka
aya acar guramé
Jeung
ka aya pépésan
9. Pardu
pisan nyadiakeun kupi
Mamanisan
maké wajit kacang
Katuangan
anéh-anéh
Jeung
kudu aya madu
Keur
unjukeun nu amis-amis
Geus
tangtu suka manah
Tanda
urang suhud
Nguningakeun
kasenengan
Kocap
aya puteri putera ejin
Asal
nagara Ambar
10. Ngaran
Déwi Ratna Pandansari
Matur
gusti ulah rék salempang
Perkawis
suguh sémah téh
Sim
kuring nu mananggung
Asa
moal kawon sim abdi
Najan
urang nagara
Sim
kuring nu sanggup
Ngan
dongkapna ariraha
Éta
tatamu
Cunduk
ka payunan gusti
Jeung
sejana rék naha
11. Abu
nawas ngawalon ka putri
Enya
éta sejana rék nyoba
Rék
ngabuktikeun kanyaho
Yén/
turut pakon ratu
Maharaja
di Malobari
Jenengan
Nur Muhammad
Seja
rék ngabunuh
Réhna
urang geus kawentar
Enggeus
ngaku
Mana
Allah nu sajati
Manahna
raja héran
12. Henteu
lami sabot dipilahir
Lajeng
dongkap piwarangan raja
Resi
Sahadat jeung sakabéh
Uluk
salam nu rawuh
Geus
diwalon salaman manis
Sadaya
geus lalenggah
Dén
Patih ti pungkur
Resi
Sahadat pangpayunna
Abu
Nawas gancang harita ngalahir
Sumangga
sami lalenggah
13. Sareng
naon pikersaeun gusti
Langkung
bungah gamparan darongkap
Kuring
hayang énggal nyaho
Su/mangga
dipisaur
Poma
ulah rék inggis-inggis
Ngawalon
Resi Sahadat
Anu
mawi cunduk
Jisim
kuring dipiwarang
Ku
Sang Ratu nu calik di Malobari
Naroskeun
patékadan
14. Réh
Sang Ratu kénging wartos sidik
Menggah
tékad tuwan suhur pisan
Geus
ngaku Gusti Sang Manon
Allah
nu maha agung
Lamun
kitu tuan téh sirik
Ngaburak
hukum sara
Doraka
ka ratu sabumi
Per
sasat nulak qur’an
15. Abu
Nawas lahirna manis
Leres
pisan sapanyebut raja
Moal
mungkir kuringna gé
Dasar
nyatana kitu
Henteu
sanés geus asup dalil
Menggah
dina I’tikad
Kaula
mah kitu
Montong
rék dihalang-halang
Nya
kaula nu ngaran Robul’alamin
Pangéran
sajagat rat
16. Resi
Sahadat nyusul hatur deui
Maos
lapad nukil tina kitab
Malah
kitabna sakabéh
Diunggulkeun
di payun
Dibukaan
sahiji-sahiji
Abu
Nawas miarsa
Sor
maju ka payun
Curinghak
bari buringhas
Nolak
cangkéng bari ngusap kumis
Saurna
semu ladak
17. Coba
baé ku anjeun digalih
Danget
ieu kumaha larap/na
Maksudna
dalil sakabéh
Kasebut
maha Agung
Lah
kumaha mungguh narpati
Resi
Sahadat ngalahir
Alip
lam kasebut
Allah
nu leuwih uninga
Menggah
pikarepen éta dalil
Jawabeun
anu ngarora
SINOM
1. Lapad
Allah jeung Muhammad
Jongkotna
awak pirbadi
Mungguh
saksina alip lam
Tegesna
jabarna alip
Nyatana
awak kami
Ka
jérna jenengan wujud
Ka
péésna alip téa
Henteu
lian awak urang
Jabar
lam na laku lampah awak urang
2. Ka
jérna mungguh tahiyat
Ka
pésna kaula Gusti
Lamun
dikapés emimna
Karep/na
kaula jati
Ari
jabarna emim
Buktina
manusa ruku
Tegesna
ruku téa
Henteu
lian henteu mungkir
Lapad
Allah aksarana aya opat
3. Muhammad
reujeung manusa
Nya
hurufna masing-masing
Aya
opat dina badan
Alip
mutalmiwahid
Nya
éta ucap kami
Tunggal
jadi hiji kumpul
Alip
mutakalim wahdat
Éta
téh … ngalahir
Bareng
nguping ngagebeg sang Resi Sahadat
4. Bari
nyusul sasauran
Lamun
kitu yaktos mungkir
Henteu
aya nu mangpaat
Tuan
ngaku jadi nabi
Abu
Nawas ngalahir
Bener
ngaran kula kitu
Nyata
kaula/ Allah
Nyata
nya Allah nya Nabi
Rosulullah
nyatana dina sarira
5. Ngakukeun
Allah Muhammad
Kaula
nu ngaran nabi
Nya
mu’min nya Islam
Henteu
pisan mangmang ati
Karana
Allah kami
Kaula
jatining suwung
Teu
ngomong lalawora
Alip
lam sareng emim
Emim
ehé emin edal emim Muhammad
6. Elam
dalikal kitab
La
roaiba sareng pihitah pernah alip nyatana
Nyatana
kalawan kami
Sakur
omongan dalil
Karana
kami geus tangtu
Nu
nyieun kalampahan
Henteu
liana awak kami
Pati
hurip
Nyatana
pindah panggonan
7. Radén
Patih Kalamullah/
Pok
nyaur kalawan bengis
Tékad
nu kumaha éta
Pantes
ditewek ku keris
Mo
burung bijil getih
Radén
patih langkung bendu
Dada
wani nambaga
Matak
sieun nu ningali
Sesemonna
radén patih lalak lancang
8. Saurna
téh Abu Nawas
Teges
andika kasilib
Sah
tékadna teu lumberah
Ngaruksak
saré’at nabi
Coba
geus meunang idin
Geus
tangtu terus dibunuh
Halal
manéh dipurak
Jalma
tinggal pakon nabi
Tékad
kitu nu matak burak agama
9. Ladak
sarua ladakna
Wani
sarua wani
Séh
Abu Nawas mang/cangah
Wangsulan
bari mendelik
Pokna
téh ieu patih
Kalamullah
ngajak rusuh
Ség
baé geura coba
Bulu
kami moal rigrig
Nulak
cangkék Abu Nawas ngadawegan
10. Jung
nangtung bijil ka luar
Nyaur
bari tudang tuding
Majarna
ulah kapalang
Bisi
rék ngadukeun keris
Di
dieu pada siji
Atawa
érék ngurubut
Séh
Abu Nawas
Ihlas
geus taya kainggis
Najan
datang ka ajal moal perlaya
11. Patih
nangtung bari ngucap
Cua
tacan meunang idin
Ti
Sang Prabu Nur Muhammad
Tangtu
Abu Nawas rajin
Séh
Umar Sidik nyapih
Jeung
Abdul salam ti payun
Sadaya
direrema
Resi
Sahadat milu nyapih
Abdurahman
nu ti tengah ngahadangan
12. Bari
nyaur mangké heula
Rék
kumaha Radén Patih
Pan
ieu téh musawarah
Geuning
kawas budak leutik
Pan
eukeur ngurus ilmi
Geus
tangtu matak kasiku
Najan
aya terka
Nyalahkeun
ka ieu ilmi
Abu
Nawas maotna moal disiksa
13. Jeung
mun Abu Nawas wapat
Tangtu
moal saha deui
Kaula
nu katempuhan
Raja
mah henteu tingali
Mangké
nu dosa pati
Séh
Abu Nawas pok nyaur
Najan
dongkap ka wapat
Suka
rido lahir batin
Lajeng
maca dunga qoblu jeung istigfar
14. Sanggeus
tamat maca du’a
Andika
téh nu caralik
Hayu
urang sasauran
Saméméh
sampéan mulih
Menggah
raja utami
Sanajan
loba panimu
Mun
ngagugu carita
Geus
tangtu cilaka diri
Lamun
urang nyekel asma Allah
15. Éta
lapad reujeung ma’na
Teu
deukeut teu jauh deui
Sanyatana
lapad éta
Nu
mawa ma’na pribadi
Cék
anu ahli ilmi
Teu
ata anu ka/ma’lum
Nanging
éta ngaranna
Kana
akal rasa jati
Nya
néangan jalma nu terus ningalna
16. Kaula
ngan darma ngucap
Kaayaan
diri kami
Éstu
ngangken rasaning dat
Mapan
nyatana nu hurip
Éta
sipat sajati
Heteu
aya anu luput
Lamun
urangna lunta
Geus
tangtu nurutkeun deui
Sama
basar nepi ka ilmuna pisan
17. Jeung
sampéan henteu béda
Sabab
mungguh anu hurip
Enggeus
aya tersandana
Téangan
mangka kapanggih
Ulah
rék ngeunah cicing
Mangka
timu meungpeung hirup
Ceuk
saur nu geus terang
Teu
béda jeung nu ningali
Seneng
pisan matak hayang kagantian
KINANTI
1. Kinanti
nuluykeun saur
Resi
sahadat barang nguping
Harita
lajeng unjukan
Naros
tékad nu sajati
Mungguhing
ayeuna tuan
Cék
pandita taya deui
2. Baréto
ayeuna kitu
Tunggal
jaman awak kami
Jauh
jeung deukeut nyatana
Mungguh
iyeu awak kami
Nya
Allah nya Muhammad
Nya
nabi nya wali
3. Nya
rasa nya rasul
Nyata
sisikepan ilmi
Nyata
haneutna Muhammad
Nya
payung kami Ilahi
Rasa
sarining sahadat
Leupas
Allah jero ning ati
4. Jatining
manusa kitu
Enya
éta roh idopi
Hirup
henteu keuna wapat
Kanyataan
dat Yang Widi
Éta
nu ngaran salira
Reujeung
sampurnaning hurip
5.
Sarira jatining suwung
Ari
suwung nyata sepi
Sepi
téh tegesna hilang
Ari
hilang teu ningali
Basar
teu ningali padang
Nanging
kersana pribadi
6.
Resi Sahadat nyusul
saur
Lamun
kitu yaktos mungkir
Henteu
aya nu/mangpaat
Reujeung
saréatna nabi
Abu
Nawas pok ngajawab
Tegesna
saré’at nabi
7. Éta
patemoning wujud
Reujeung
ieu lisan kami
Nu
ngaran ilmu tarékat
Patemoning
lisan kami
Tepung
jeung ati kaula
Ari
hakékating ilmi
8. Tegesna
tepungna kalbu
Nya
ati jeung eroh kami
Ari
nyataning ma’rifat
Patepungna
roh kami
Nyaéta
reujeung Yang Sukma
Geus
nunggal jadi sahiji
9. Tegesna
saréat wujud
Jeung
tarékat lisan kami
Hakékat
ati kaula
Ma’rifat
nya hurip kami
Kitu
tékad nu sampurna
Satemenna
euweuh deui
10. Némpél
kana lima ng waktu
Ngadeg
marga asal api
Laim
seuneu keuna ng ruksak
Lain
seuneu batu api
Lain
seuneu piruaan
Lain
seuneu waja beusi
11. Lain
seuneu anu hurung
Lain
seuneu tina kai
Nyatana
jati ning napas
Nyata
pangawas cepil
Nya
sipat sama tegesna
Lampah
handap asor diri
12. Ari
asal angin ruku
Lain
angin tingsiliwir
Lain
angin timur barat
Lain
angin matak tiris
Jatining
angin na napas
Aya
dina jero jisim
13. Tegesna
tarékat kitu
Ari
sujud asal cai
Lain
cai sambarangan
Lain
cai tawar asin
Kanyataan
éta anpas
Hakékat
lampahing ati
14. Ba’da
sujud lajeng lungguh
Éta
asal tina bumi
Lain
taneuh tegal sawah
Lain
taneuh porang pasir
Lain
teneuh cadas gempal
Lain
taneuh owah gingsir
15. Sajatina
taneuh nupus (maksudna napsu)
Urang
téh kudu mangarti
Anu
mawi napsu téa
Kabéhna
opat perkara
Kudu
timu pernahna
Ngaranna
sahiji-hiji
16. Lowa
mah nu dina sungut
Amarah
nu dina ceuli
Nu
dina panon sawiyah
Mutmainah
anu calik
Dina
pangambung ayana
Disebutna
kaul sidiq
17. Malaikat
nanya kitu
Dina
sungut Jabarail
Minkail
dina talingan
Nya
tegesna dina ceuli
Isropil
nu dina soca
Dina
pangambung Ijeroil
18. Éta
kakasih Yang Agung
Malaikat
mukarobi
Nya
anu geus disebutna
Jeung
perenahna siji-siji
Tumerapna
di manusa
Cék
kula mah enggeus yakin
19. Nu
matal ilmu Yang Agung
Ayana
opat perkawis
Saréat
sareng tarékat
Hakékat
ma’ripat keding
Tumerap
dina salira
Ti
lahir terus ka batin
20. Nu
kasebut bumi tujuh
Geura
itung masing sidik
Bumi
éta mimitina
Rék
dijieun tujuh lapis
Jatina
di awak urang
Nya
tina tujuh perkawis
21. Hiji
awak kami wujud
Kaduana
badan kami
Tiluna
nya jasad urang
Kaopatna
jisim kami
Kalimana
jiwa urang
Kagenepna
raga kami
22. Jejegna
anu tujuh
Nyaéta
salira jati
Jeroning
salira padang
Bé/ak
bumi tujuh lapis
Resi
Sahadat pok haturan
Éta
saur teu ngajadi
23. Mana
deui nu kasebut
Ngaran
langit tujuh lapis
Ayeuna
ulah kapalang
Terangkeun
sama sakali
Cék
Abu Nawas sumangga
Tangtu
dibijilkeun deui
MIJIL
1. Bangsa
luhur sanyatana langit
Tina
sabab eroh
Aya
tujuh réana sakabéh
Nu
mimiti ngaran roh nabati
Dua
roh héwani
Ari
nu katilu
2. Enya
éta ngaran roh jasmani
Kaopatna
eroh
Nu
di/sebut rohani éta téh
Kalimana
ngaran roh robani
Kagenep
roh idopi
Katujuh
roh kudus
3. Saluhureun
roh kudus geus sepi
Teu
aya nu témbong
Enggeus
buntu teu aya nu séjén
Éta
kitu urusan bab langit
Nyata
taya deui
Bangsa
anu luhur
4. Resi
Sahadat nyusul hatur deui
Semu
ngolo-ngolo
Ngangken
jati naon gentosna téh
Mun
disebut Robbu ‘samawati
Jeung
wama fil’ardi
Bu
Nawas ngawangsul
5. Éta
nebar nyenyebut/ ka kami /
Wélan
henteu bohong
Mapan
urang nu nyieun sakabéh
Teu
kawalan maké parabot deui
Ngan
ku basa kami
Ucap
kun fayakun
6.
Resi Sahadat pok
ngalahir deui
Mapadonan
omongan
Lamun
éstu saur andika téh
Meureun
tetep moal owah gingsir
Tuan
ditingali
Henteu
owah saur
7. Abu
Nawas pok ngalahir deui
Mungguhing
Yang Manon
Rasa
kami tetep langgeng déwék
Omong
kami tetep dina biwir
Waktuna
ngalahir
Henteu
owah/saur
8. Panon
kami geus tetep ningali
Laku
suku ongkoh
Leumpang
suku katuhu jeung kédé
Leungeun
nyekel nu ngadéngé ceuli
Sakabéh
geus bukti
Anu
ngambeu irung
9. Birit
kami katetepan linggih
Héés
nya ku panon
Resi
Sahadat masih ngaweweléh
Sanajan
kitu masih baé gingsir
Sadayana
sisip
Abu
Nawas nyaur
10. Rasa
manéh pasti henteu gingsir
Ngadéngékeun
omong
Éta
tetep dina rasa déwék
Lebah
mana disebutna gingsir
Teu
owah teu gingsir
Da
tunggal sawujud
11. Resi
Sahadat pok ngajawab deui
Coba
rék disonggol
Tangtu
pisan tuan téh kajembél
Sabab
anyar masih jiwa jisim
Bu
Nawas ngalahir
Coba
lamun kitu
12. Kami
moal beunang mun digaris
Dibedil
geura wor
Ulah
deui mun digaris baé
Sanajan
jariji jeung cinggir
Mo
keuna ka kami
Geus
tangtuna luput
13. Sabab
ieu nyata bangsa qodim
Teu
senang dijogol
Asa
tanggel beunangna kami/ téh
Coba
baé lamun enya wani
Ulah
inggis-inggis
Resi
Sahadat maju
14. Bek
ditonjok Bu Nawas teu gingsir
Tapi
teu kagepok
Kawas
nonjok kalangkangna baé
Tanjak-tunjuk
ka hareup ka gigir
Bu
Nawas teu gingsir
Sanyatana
luput
15. Radén
Patih Kalamullah indit
Niatna
ngajotos
Gaberug
nuberuk
Weléh
teu katoél
Radén
patih nyekel bari narik
Bu
Nawas teu gingsir
Ongkoh
umat imut
16. Mana
horéng tanganna pirbadi
Geus
rep diborogod
Radén
patih ngaraos kaweléh
Cék
manahna Abu Nawas sakti
Ilmuna
geus jadi
Manderaguna
punjul
17. Abdusalam
jeung Ki Umar Sidik
Kabéh
ngararontok
Tapi
weléh teu bisa noél
Abdulrahman
sareng Abdurosid
Ilmuna
teu mahir
Patutna
marintul
18. Para
nujum sadaya nu arip
Ulama
karapok
Henteu
kuat ngalawan kasaktén
Abu
Nawas pok ngalahir deui
Cik
coba ku bedil
Ulah
tuna laku
19. Kerid/
kabéh urang Malobari
Mangkana
ngarampog
Taringalkeun
ku sadaya baé
Malaikat
nu ngajada kami
Ti
hareup ti gigir
Puluh-puluh
ribu
20. Para
nu nujum pandita nu alim
Kasakténa
asor
Radén
Patih keukeuh kénéh baé
Abu
Nawas nya kudu dibedil
Bu
nawas teu gingsir
Némbal
bari imut
21. Ti
tadi gé coba geura bedil
Sarta
maké pélor
Jeung
diambereg ku sakabéh baé
Abu
Nawas moal aya gingsir
Malah
wuwuh manis asa rasa madu
DANGDANGGULA
1. Radén
Patih Kalamullah bengis
Abu
Nawas kudu dipaéhan
Ku
pakarang kabéh baé
Sanajan
sakti punjul
Enggeus
mashur taya nu nanding
Tatapi
panasaran
Kami
moal mundur
Tangtuna
lingsem ku raja
Gedén-gedén
ponggawa jeung pangkat patih
Nangkep
jalma henteu beunang
2. Radén
patih lajeng nyandak bedil
Ditojokeun
ka séh Abu Nawas
Bedil
diwengkang mérébét
Ngawengkang
bari nyaur
Geura
nyambat ka kadang wargi
Mangka
pas/rah ka Allah
Nyauran
nu Agung
Ku
urang rék dipaéhan
Abu
Nawas gumujeng bari ngalahir
Geura
ség baé coba
3.
Tangtu luput manéh téh
ngabedil
Dibeunangna
mo liwat kalangkang
…
obat baé
Obatna
beunang nganjuk
Patih
séwot geus dur ngabedil
Sorana
sada …
Mimisna
murubut
Di
payunan Kalamullah
Héran
dina manah Radén Patih
Nyata
jadi lantaran
4. Ngarampuyuk
Séh Patih ngalahir
Abu
Nawas jisim kuring tobat
Ayeuna
seja ngadérék
Marga
saumur hirup
Tacan/
aya jalma nu sakti
Cara
kasaktén tuan
Nya
saéstu punjul
Numawi
kuring ayeuna
Seja
naros ngangken guru nu sajati
Ngalap
ilmu nu nyata
5. Abu
Nawas ngalahirna manis
Bener
pisan Patih Kalamullah
Tina
sabab pantes ogé
Manéh
jeung kami kitu
Lir
upama ombak jeung cai
Ngajadina
sagara
Kasebutna
laut
Ombak
jeung cai teu pisah
Nurut
karep sagara nyatana siji
Resi
Sahadat haturan
6. Lah
kumaha kuring tacan ngarti
Saterangna
kakuatanana
………………(Teu
kabaca, tinta tembus)
Moal
enya dingaranan deui
Tina
sabab teu aya buktina
Nyaéta
namaning dat téh
Teges
ngaran panyebut
Upamana
anu sajati
Jadi
sipat pangéran
Sajatining
ilmu
Tingkah
polahna nya nunggal
Asma
manéh éta tunggal kersa kami
7. Ulah
nyegah karep …
Turutkeun
sakarep
Kurang
… sering nyaring
Ngarasa
masih kurang
Ingetna
kana jamparing
………….abus
Lulus
teu inget nu geulis
Tungtungna
réa nu welas
Jongjon
ngaji jongjon nulis
Nulis
dirina sing awas
Éntép
ulah pabuis
8. Di
luhur tenggeus kasebut
Napsu
nu opat perkawis
Nyaéta
nu sok ngagoda
Ngajak
kana laku sisip
Watek
amarah lowamah
Sawiyah
mah aya manding
9. Ari
nu kaitung alus
Ngan
mutmainah peribadi
Nu
tilu kudu dijaga
Émut
sabeurang sapeuting
Dipisah
mah hanteu beunang
Ngan
kudu jadi sahiji
Supayana
jadi wungkul
Ngémutkeun
élmu sajati
Ngaleungitkeun
manah samar
Nafsu
amarah sing diri
Ganti
ku sabar tawekal
Kitu
nu geus paham ilmi
TAMAT
Tidak ada komentar:
Posting Komentar